Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

III. Pupuh Dangdanggula


  1. Raja Mesir nyaur agan putri
    Purba Lintang sumping ngadeuheusan
    Harémpoy nu geulis mambo
    Tungkul diraksukan wulung
    Ningali ka radén patih
    Ngarérét ku juru soca
    Tapi teu sumaur
    Putri éndah ngalampacat
    Purba Lintang anu geulis taya tanding
    Ratu sajagat wawayangan


  2. Ditingali ku Patih Cangkiling
    Tan kumelet soca kadéstama
    Ki patih manahna kagé
    Patih nyaur lebet kolbu
    Nya paingan putri Mesir
    Loba pisan nu ngalamar
    Geulis téh pininjul
    Samalah garwana raja
    Mun ngaréndéng nu sepuh Andala
    Sasih
    Pantes lamun badégana


  3. Ayeunamah supaya kairing
    Ieu putri naon pamundutna
    Ku diri sanggupeun baé