Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Sieup pigerwaeunana
    Ratu kasép putri geulis
    Ibarat jambé dibeulah
    Kitu raos jisim abdi
    Wujukna Patih Cangkiling
    Raja Mesir seug ngadawuh
    Sahur patih bener pisan
    Tapi rai pikir sami
    Kajeun teuing si Nyai dapon ngajawab


  2. Supaya geura lakian
    Sababna geus gedé teuing
    Kawula bet rada wiring
    Anak awéwé sahiji
    Teu banget boga salaki
    Kadieu-dieu téh embung
    Ayeuna copna ka Raja
    ......kaluar si Nyai
    Eujeung ieu Patih sina geura tuang


  3. Enggalna jol pamasangan
    Sangu kopi nyuguh Patih
    Sarawuh Ki Patih Arga
    Nyaéta papatih Mesir
    Jeung radén Patih Cangkiling
    Taruang payuneun ratu
    Geus parantos patih tuang
    Seug pada ngarot cikopi
    Lalawuhna katimus loba gulana