Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Raja eukeur maos serat
    Kamanah unggelna tulis
    Serat ngalamar Nyi Putri
    Nagos serat enggeus putus
    Kanjeng Raja seug ngandika
    Naha kabeneran teuing
    Ratu agung ngamanah ka anak urang

  1. Tapi Ki Patih Ayeuna
    Urang pariksa heula nyai
    Sabab loba nu ngalamar
    Ratu salawé nagri
    Tapi sakabéh ditampik
    Ayeuna ku Raja Erum
    Éta budak dipimanah
    Naha atoh-atoh teuing
    Mun dipareng nyai téh eujeung takdirna


  2. Kitu pilahirna raja
    Sangmatur Patih Cangkiling
    Kairing dawuhan raja
    Terus lulus puta gusti
    Mun kersa jeneng putri
    Luntur galih ka raja Rum
    Langsar mamanahannana
    Simabdi panuju teuing
    Sabab putra sareng Raja Erum timbang