Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Jol sumping ka nagri Mesir
    Geus dongkap ka alun-alun
    Patih lungsur tina kuda
    Dipapag ku raja Mesir
    Enggeus tepang tangkeup tangan
    Sasalaman

  1. Lajeng calik ka paséban
    Patih Erum patih Mesir
    Tuluy baé sasauran
    Kamanah ku patih Mesir
    Carios Patih Cangkiling
    Diutus ku Raja Erum
    Énggal ti paséban budal
    Sejana marek ka gusti
    Énggal mangkat patih Mesir nu ti heula


  2. Sup lebet ka padamelan
    Énggalna marek ka gusti
    Raja Mesir seug ngandika
    Haturan Radén Patih
    Patih jawab bari indit
    Nuhun gusti amit munjung
    Nyanggakeun serat cong nyembah
    Dicandak ku raja Mesir
    Lajeng dibuka serat dijawang diwaca


  3. Patih mindo ngadeuheusan
    Patih Erum Patih Mesir