Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Jeung Gerwana keur misahur
    Misahur lampah putrana
    Nyi Purba Lintang kakasih
    Geus dilamar ratu salawé nagara

  1. Ditampik ku Purba Lintang
    Sangandika Raja Mesir
    Si Nyai éta kumaha
    Gedé teu boga salaki
    Wirang temen awak kami
    Boga anak henteu payu
    Meureun kocap ka tatangga
    Sakitu wiwirang kami
    Geura nyai asup kana wiwilangan


  2. Geuning carék paribasa
    Pipilih nyiar nu leuwih
    Kocéplak meunang nu naktak
    Enggeus tangtu kitu nyai
    Kitu deui Raja Mesir
    Putrana tungkul diwuruk
    Ngabisu teu ngawalon
    Purba Lintang anggur nangis
    Ku ibuna dikaléng diupah-upah


  3. Raja mésem teu ngandika
    Calik deui kana korsi
    Kasigeung dilebet raja
    Kacatur Patih Cangkiling