Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Kalembu kasang jeung kasur
    Bantal sareng guguling
    Sareng ditutupan emas
    Ranjang katil adu manis
    Disopal pérak salaka
    Awisan sang putri Mesir

  2. Tata tétébah raja Rum
    Peta-peti sisi bilik
    Jaksa patih nu metakeun
    Émpér ampar alketip
    Korsi ngadadak dikumbah
    Nu lawas dipedar deui

  3. Sakabéh enggeus kahatur
    Kenop méja lampu korsi
    Rampu rantuy dikosokan
    Bulak balik bae koki
    Dék kukumbah kana wadah
    Tangan rémong ku kawali

  4. Geus sadia kanjeng ratu
    Di lebet di panca niti
    Anu bala disapuan
    Buruan lénang lalening
    Sang raja Erum ngandika
    Ka jaksa rawug ka mantra