Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Ari dawuh raja Erum
    Ayeuna jaksa jeung mantra
    Kudu dagoan pada mapag
    Raja Mesir bisi sumping
    Sabab ti patih bet lunta
    Sugan kabawa néng putri

  2. Ngadawuh raja Erum
    Jaksa mantra sembah indit
    Lajeng baé ka bumina
    Kudu dangdan jaksa mantra
    Jeung opat puluh Santana
    Éta nu bakal ngiring

  3. Ninggal nu mapag tuluy
    Gerus dongkap ka wates nagri
    Pada lungsur tina kuda
    Kersa puguh éta pangiring
    Kabéh pada nyangcang kuda
    Mangla mapang geus caralik

  4. Kasigeug nu mapag nunggu
    Kacarios raja Mesir
    Bébér layar nitih kapal
    Parahu tarik ku angin
    Geus dongkap ka palabuhan
    Sadaya hanjat ti cai