Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Ti parahu raja lungsur
    Teu kantun patih Cangkiling
    Diheulakeun Purba Lintang
    Sarawuh ibuna deui
    Riab ngiringkeun emban-emban
    Campur awéwé lalaki

  2. Seug deui putri ditandu
    Sareung ibuna sakalih
    Raja Mesir nitih gajah
    Ari dén Patih Cangkiling
    Nitih kuda sisirikan
    Badéga ti pungkur ngiring


V. Pupu Pungkur

  1. Ratu mapag patémbongan
    Raja mantra eukeur gasik galih indit
    Santana nu opat puluh
    Lulumpatan nyokot kuda
    Sabogana geus deukeut raja dariuk
    Hempag sakabéh nu mapag
    Ajrih ninggal raja Mesir

  2. Kanjeng raja papariksa
    Jaksa mantra piunjuk bari indit
    Cacarios bari maju
    Ku raja Mesir kamanah
    Nu mapag eunggeus campur
    Jeung nu ngiring tambah loba