Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Gumujeng patih Cangkiling

  1. Sasauran reujeung jaksa
    Bari angkat misaur waktu di Mesir
    Sanés tinya dipisahur
    Lajeng patih papariksa
    Ka dén jaksa perlampahna sang prabu
    Jaksa mantri sasahuran
    Misahur lampah di nagri

  2. Gumujeng di luhur kuda
    Kumawantun nu ngiring heula pandeuri
    Raja Mesir rada jauh
    Énggal sumping ka nagri
    Raja mantri tina gajah gasik lungsur
    Raja Erum magelaran
    Mapagkeun ka raja Mesir

  3. Barang sumping tangkeup tangan
    Sasalaman Raja Erum Raja Mesir
    Gerwa raja dina tandu
    Sareng enéng Purba Lintang
    Henteu kandeg kabéh kalebet geus asup
    Sareng para emban-emban
    ngaleut ngangkeuy anu ngiring