Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Raja Erum dipajengan
    Raja Mesir éta dipajengan deui
    Kalebet tacan melebu
    Sabab ngasupkeun gotongan
    Masih rosa tangtungna di alun-alun
    Ari geus putus gotongan
    Kakara melebu gusti

  2. Patih jaksa kabumina
    Sareng mantri pada marulih kabumi
    Ari kanjeng Raja Erum
    Jeung Raja Mesir satata
    Enéng putri calikna téh rada nyumput
    Bari ngelétan ka emban
    Nuduhkeun benang cacawis

  3. Raja Erum tétébahna
    Ditingali ku néng putri bari jebi
    Emban dinya tungkul imut
    Ibuna deui ngelétan
    Ti lahirna tetapi sumaur laun
    Emban naha éta sia
    Cengar-cengir atuh isin

  4. Jeung répéh sakabéh emban
    Nyi putri emban dijebian deui
    Pada seuri bari turun
    Ku amban téh kahartieun
    Agan putri moyok hormatan raja Rum