Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/245

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Ari ayeuna jeung ibu
    Masing jongjon calik
    Kuring dipindung saraya
    Ku ratu Denda nagari
    Sumeja rék karana Alloh
    Nulung anu perang jurit

  2. Putra neda jiad ibu
    Sareng ieu ka Nyai
    Ka nyai Ratna Komala
    Sareng ka Néng Gentra Sari
    Doakeun engkang rék leumpang
    Tatapi mangké ku nyai

  3. Lamun akang campuh tulung
    Upanten geus perang jurit
    Gero-gero dua ngawalon
    Nya atuh puguh téh teuing
    Piraku teu aya kelar
    Ka ngaranna ka salaki

  4. Gentra Sari mindo matur
    Engkang mangga pisan kuring
    Ulah dianggo rejad manah
    Najan sareng ogé kuring
    Raja Anom ngandika