Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Jol datang nu mawa surat

  1. Para ratu sadaya ningali
    Kautusan song nyaga surat
    Geus henteu nunggu pangwalon
    Ki utusan gura-giru
    Pada nénjo kabéh prajurit
    Aya anu ngahaokan
    Utusan murugul
    Ki utusan gagancangan
    Ungguh lumpat diudag henteu katepi

XXXII. Pupuh Pungkur



  1. Kebat utusan nu lumpat
    Langkung gancang di udag henteu ka tepi
    Surat ku salawé ratu
    Diriung pada maraca
    Unggal surat kamanah ku para ratu
    Yen surat nangtang perang


  2. Aya rai raja Umbaran
    Olo-olo mun kitu pangiang teuing
    Midang saraya ka Erum
    Na éta pantar kumaha
    Ratu Rum wani ngamusuh kapara ratu