Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Éta dénok nu éta si putri
    Ka saha daékeunnana
    Ratnawulan ayu
    Lamun teu do'a kalayatna
    Ulah magar teungteuingeun baé abdi
    Ku kakang hadé ditumpesan

  1. Kitu saur ratu anu hiji
    Pok nu réa leres pesan kakang
    Bapana mun do'a téh
    Moal enya bisa hirup
    Geus moal béda nu loba
    Kuring gé nya kitu
    Pék pok raja anu loba
    Da urang mah lamun teu milik nu geulis
    Pulo Dénda di balik lemah


  2. Nagarana dibarukeun deui
    Ditumpas ngan éta anakna
    Anu hadé dikarikeun téh
    Karana langka nu kitu
    Geulis teu aya nu tanding
    Lamun henteu kalakonan
    Nu lemes kacium
    Ceuk sawaréh leres akang
    Eukeur kitu raja salawé nagari