Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Radén patih miwarang prajurit
    Mawa surat gancang tumpak kuda
    Serat ditaro di kaléng
    Anu mawa sewu rusuh
    Kudana lumpat dikepit
    Kudana wani ngabudah
    Geus mapag di tungtung
    Teu maju kuda dicangcang
    Tungtungna mah badarat lumpat prajurit
    Nya éta nu mawa surat


  2. Urang tunda lumpatna prajurit
    Mawa surat utusan sang raja
    Kocap ratu nu salawé
    Geus sadia serdadu
    Sanggrahan wates nagari
    Balad nu salawéna raja
    Dihijikeun campur
    Balad pirang-pirang laksa
    Masanggrahan ratuna kabéh badami
    Sasuran pada raja


  3. Keur lahirna mangga baé rai
    Susul saur karaja umbaran
    Puguhkeun omong baréto
    Purun teu puru sing puguh