Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/268

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Kitu dawuhan jeung Gusti

  1. Sami bubar para ratu dicangkalak
    Tina urut perang jurit
    Dongkap ka nagara
    Ninggali raja Umbaran
    Gumujeng bari ngalahir
    Éta kurah raja
    Geuning saur ugan teuing


  2. Bisa kalah anjeun ku jalma saurang
    Ratu Erumnyata sakti
    Kitu dawuh raja
    Seug deui raja nembalan
    Sangkan téh enya sarakti
    Ayeuna beunang
    Para ratu langkung isin


  3. Karah kitu ari nu gagah para raja
    Sauran sang Umaranaji
    Sadaya teu ngocap
    Ratu salawé nagara
    Kebat dipanjara beusi
    Ratu boyongan
    Ratu Erum jeung sumping