Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/287

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Biur ngapung ngawang-ngawang
    Kadi paksindang génis


XXXVII. Pupuh Dangdanggula


  1. Geus diliur sang raja Yamani
    Nilik putri kaunggal nagara
    Kabur ngalayang baé
    Beurang peuting raja ngapung
    Sikan putri nu geulis
    Ngajajah unggal nagara
    Mani teu nimu
    Istri anu liweuh endah
    Sarta raja ngungsi unggal nagari
    Sarta mindah-mindah rupa

  2. Sakapeung mah jadi aki-aki
    Kundang iteuk ka unggal nagara
    Ngilikan awéwé hadé
    Geus weléh teu manggih ngapung
    Jajah desa nyungsi nagari
    Unggal pulo diteang
    Euweuh istri alus