Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/288

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Raja Yamani ngalayang
    Ngawang-ngawang diluhur karep rék maling
    Kebat ka Erum nagara

  1. Kacaritakeun Ratnawulan putri
    Rék ka jamban angkat dijenéngan
    Nu ngiring teu tinggal sarébét
    Jarang bokor wadah sabun
    Henteu tinggal jeung jeruk mipis
    Ratnawulan lajeng siram
    Pangiring nagriung
    Geus parantos putri siram
    Lajeng hanjat Néng putri mulih cai
    Raja Yamani jol datang


  2. Salin rupa jadi nini-nini
    Teu kanyahoan éta ponggawa datangna
    Geus aya lebet baé
    Ratnawulan seug ngadawuh
    Arék naon ieu nini
    Na nini téh urang mana
    Bet kalebet asup