Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Dalang wayang ti Mitarama
    Nya éta nu boga catur
    Ku jisim kuring dikarang

  1. Anu kawilét digurit
    Lalakon Jaka Mursada
    Raja Erum nu kocap téh
    Jenengan sang Raja Yuta
    Raja meujeuhna nonoman
    Yuswa opat puluh tahun
    Raja Rum waktu jenengan


  2. Patihna Radén Cangkilling
    Sarta patih gagah rongkah
    Paadatannana goréng
    Mun metakeun padamelan
    Keras geretek ngagentak
    Molotot ngareuhak nyiduh
    Patih sok kitu ngadatna


  3. Teu inggis murilitkeun ceuli
    Harakna tur barangasan
    Kawantu patih gegedén
    Padérékan kanjeng raja
    Henteu aya kagilana
    Ari kanjeng raja Erum
    Ngamanah badé pawarang