Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Kagungan pawarang hiji
    Andaya Sasih namana
    Waktu harita geus bobot
    Dikira geus genep bulan
    Keur bobot misah bumina
    Raja dilebet nu matuh
    Andaya Sasih di lubur


  2. Asalna Andaya Sasih
    Ti Majési putra raja
    Keur waktu carogéan téh
    Dipaparin ku ramana
    Badéga lalaki dua
    Nu bakal béla tumutur
    Ngarana Ki Ardanaya


  3. Ari anu hiji deui
    Ki Naya Génggong ngarana
    Ngan sakitu nu béla téh
    Teu pisah ti gerwa raja
    Siang wengi ngaladénan
    Ari dina malem saptu
    Gerwa raja sasaréan


  4. Eukeur kulem putri ngimpi
    Lalayaran di Sagara
    Tapi kalem parahu téh
    Sakitu impénanana
    Putri lilir terus gugah