Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Ngahuleng jero kulambu
    Bari ngamanah impénannana
  1. Nya putri teu kulem deui
    Harita dongkap ka beurang
    Geus beurang seug nyaur baé
    Ka badéga anu dua
    Naya Génggong Ardanaya
    Badéga anggeus di payun
    Dareuheus badéga dua


  2. Andaya Sasih ngalahir
    Naya Génggong Ardanaya
    Na kami alamat naon
    Tadi ngimpi lalayaran
    Tapi kalem parahuna
    Éta aing ngimpi kitu
    Naon éta balukarna


  3. Ku duaan coba pikir
    Jeung alamat naon éta
    Sakitu lahir putri téh
    Pok piunjuk Ardanaya
    Nun Agan bakal cilaka
    Pok Naya Genggong ih alus
    Ari raos sim abdi mah


  4. Nyi putri ngandika deui
    Kasebut alus kumaha
    Jeung wakcakeun Naya Génggong