Ieu kaca geus divalidasi
- Ratna Wulan ngupahan ku Mayang Erum
Meunggeus Eulis ulah nangis
Bisi kasondong ku ratu
Anggur urang téh cacawis
Dangdanggulana ngarantos
PUPUH DANGDANGGULA
- Ratna Wulan masing sngu kopi
Pasang méja buat haturan raja
Ari haturan nu séjén
Ka garwa pangkat kumpul
Pada masang sangu kopi
Geus pada olah popolah
Keur nyuguhan tatamu
Ari buat kuricakna
Geus sadia ti umbul ti parayayi
Sapeupeuting ngarang hayam - Mani gijrud lurah jeung patinggi
Kasomahan mundut kaolahan
Sakur nu kabagi pancén
Eunggeus puguh urang kaum