Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/329

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Teu resep pisan berenti
    Teu eureun sotéh néangan
    Milih ronggéng anu geulis
    Dicirian ti beurangna
    Gondéngeun engké tipeuting

  1. Raja Yoman nya kitu
    Ti pangkéng dagal-digil
    Langak-longok ka paseban
    Ngilikan istri nu geulis
    Diarey-arey ku barudak
    Kolot mah gilaeun gigis


  2. Ari kanjeng ratu Erum
    Jeung ratu salawé nagri
    Eukeur pada sukan-sukan
    Sami calik dina korsi
    Sarta marayunan méja
    Sawaréh keur tuang kopi


  3. Aya anu maén kartu
    Nu sawaréh maén cekip
    Sawaréh nu maén bola