Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/340

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Ari Raja Rum harita
    Dina bangku seug nyangkéré
    Ngintip kasauran garwana
    Api-api kulem raja
    Pok sumaur Mayang Erum
    Ka néna putri Ratna Wulan

  1. Jeung engké pisaur deui
    Kuring wuruk piluangeun
    Da gening asa bener gé
    Ku kersa engkang kacawad
    Kawantes putra siluman
    Tacan nyaho tindak tanduk
    Nyaluntang kirang babasan


  2. Engké mah geulis binangkit
    Keur lenjang asak panalar
    Nu matak nyawad aceuk téh
    Ratna Wulan ngadelekan
    Ngalieus bari ngandika
    Éta manah Mayang Erum
    Henteu nurut omong urang