Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Lahirna Andaya Sasih
    Puguh raja mo ngalayad
    Meureun baé kekur panganténan
    Geung entong loba carita
    Katunda anu keur babar
    Urang catur Raja Erum
    Jeung gerwana Purba Lintang

  2. Keur saré tunggal saresmi
    Purba Lintng sareng Raja
    Sangputri nguping carios
    Andaya Sasih ditelasan
    Putri ngadak-ngadak bendu
    Ka raja teu sasauran

  3. Raja Erum langkung asih
    Gerwa bendu teu kamanah
    Sang Putri dikaléng baé
    Keur calikna ngunjar lembar
    Ku raja diupah-upah
    Bari dirungrum dicium
    Barang sang putri hareudang

  4. Putri ngageter ngagidir
    Amarahna teu kaluar
    Ku raja dikaléng nokér
    Paupahan disépakan
    Rupa inten emas pérak