Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Hate asa dijejewét
    Henteu ayeuna pangoloan
    Boro baé enggeus sumpah
    Kasanggupan rék diukum
    Kari-kari dirasanan

  1. Teu répéh nyi putri nangis
    Jumengkat top nyandak pedang
    Semu nu rék meuncit manéh
    Ku raja pedang di téwak
    barina raja ngandika
    Néng sing éling ulah kitu
    Engkang ayeuna nitahan

  2. Emban geura sahur patih
    Nyi emban ti dapur lumpat
    Emban miwarang lopérés
    Nitah deui gulang-gulang
    Gulang-gulang geuwat lumpat
    Teu lami nu disahur
    Patih ngdeuheusan ka raja

  3. Raja nimbalan ka patih
    Aéh patih ayeuna leumpang
    Tong mulang heula patih téh
    Andaya Sasih geura bawa
    Ka leuweung bari teulasan
    Tapi gotong kana tandu
    Pék bawa eujeung orokna