Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Orokna piceun ku patih
    Tapi montong dipaéhan
    Da tangtu paéh ku manéh
    Ana geus indungna modar
    Nu matak montong dipaéhan
    Timbalan raja sakitu
    Ki patih matur sumangga

  2. Cong nyembah ki patih indit
    Gadag-gidig ka paséban
    Patih nyaur ka kaliwon
    Maréntah ka santana
    Bakal jajap gerwa raja
    Heunteu loba ngan opat puluh
    Sakabéh sadia dangdan

  3. Patih Cangkiling tarapti
    Dangdan tanduan sadia
    Patih lajeng angkat baé
    Ka putri anu érék babar
    Sarawuh para Santana
    Énggalna kipatih asup
    Ka bumi nyandak tanduan

  4. Ningali Andaya Sasih
    Serta barina ngandika
    Bet akang patih ieu téh
    Piwarang naon ku raja
    Atawa ngalayad putra