Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Boa enya atuh hayu
    Urang téh geus titah balik
    Eta bawa kanjut kundang
    Bari pangku murangkalih
    Geus asup kana tanduan
    Sarawih ibuna deui

  2. Radén patih ngarurusuh
    Badéga masih di bumi
    Saur patih geuwat sia
    Anjin lila-lila teuing
    Ardanaya pok ngajawab
    Eh patih ku goréng biwir

  3. Aing téh eukeur mumuluk
    Rék meuli teu gableg duit
    Nurustunjung mun disépak
    Teu euweuheun teuing patih
    Kadangu ku patih téa
    Moro bari rék nampiling

  4. Nyaur bet luka si namru
    Kawas ka sasama ka aing
    Barina mébér panangan
    Badéga dua seuri
    Bari ngomong aéh agan
    Bet séjén-séjén deui