Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Ngomong sotéh jeung si namru
    Da ku agan geus dilandi
    Kitu walon Ardanaya
    Naya Génggong walon deui
    Enya teu harti ku agan
    Ku urang rék nampiling

  2. Abdi mah teu pisan langkung
    Piraku ka agan patih
    Ngahagal-hagal campelak
    Ngomong songong sotéh abdi
    Merebutkeun dagé kowas
    Si Naya Genggong cilimit

  3. Teu pisan ka agan langsung
    Pan agan kasohor sakti
    Den patih mautan rumbah
    Bari ngajeméngan kumis
    Jeung ngahayukeun gotongan
    Sosa miwarang indit

  4. Putri teu raos dipalsu
    Dina tandu ngeunah calik
    Puguh gé rék ditelasan
    Di kebon ku radén patih
    Naya Genggong Ardanaya
    Teu anggang pungkureun putri