Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Andaya Sasih sumaur
    Tina tandu bari bijil
    Ieu eureun teu pernah
    Di nu sunyi leuweung kai
    Jeung naha leuweung bet mabal
    Rék kumaha kakang patih

  2. Jeung kakang patih bet kitu
    Ditingalna ku sim abdi
    Kawas nu sarulit manah
    Ngiceupan kabéh pangiring
    Bari nyi putri iyatna
    Muncereng ngalahir patih

  3. Enyana mah dawuh ratu
    Manéh mesti hukum pati
    Jeung ieu badéga dua
    Bari matek pedang patih
    Ningal pedang nu ngaburinyay
    Pitulung Robbul alamin

  4. Bareng dék bek putri kabur
    Teu tolih di murangkalih
    Repot ponggawa nu kabur
    Pitulung nu Maha Suci
    Nu ngudag henteu kaudag
    Badéga dua buncelik