Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Teu aya gimir sabuuk
    Awak asa sagedé pasir
    Pitulung yang Maha sukma
    Dumadakan pada wani
    Tur teu teurak ku pakarang
    Nu ngudag diudag deui

  2. Nu ngalawan bek kulubuk
    Nu keukeuh ngudag diberik
    Nu opat puluh malodar
    Taya nu hirup sahiji
    Kocap patih tina kuda
    Morongos nyabab jeung bengis

  3. Sia naha wani kitu
    Wani kabéh ngabdi gusti
    Ardanaya némbal nyentak
    Geura modar ditampiling
    Aing téh teu hayang adab
    Tadi sia nyebut anjing

  4. Aing disebut si nambru
    Sia gé medu si jugil
    Ki patih tambah napsu
    Salirana wani ngagidir
    Disisia ku badega