Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Tengah leuweung-leuweung-liwung
    Bisi kuluk bubungaok
  1. Barang nepi kana tandu
    Bedéga dua arasup
    Orok aya geuning nangis
    Murangkalih pék dilahun
    Pili genti mangku orok

  2. Ardanaya muka kanjut
    Aya bawang jeung cariu
    Dikokos bet liat geuning
    Ceuk Naya Genggong na atuh
    Puguh cariu dikokos

  3. Ari manéh pan orok mah perlu
    Bubura jeung pupuk suhun
    Geuning sok nenjo paraji
    Geus kieu kumaha atuh
    Mikiran anu ngalolos

  4. Nu duaan sapeupeuting ngajararentul
    Ti soré dongkap ka subuh
    Ardanaya geus ngalahir
    Urang indit baé hayu
    Ka mana urang téh nya los