Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Nu duaan eunggeus pada kapidangdung
    Jero leuweung luwang-liwung
    Henteu témbong panon ari
    Jeung teu puguh kalér kidul
    Sumawon wétan jeung kulon

  2. Tanggungan mah éta tandu
    Piceun baé éta ridu
    Da puguh jalan rarumbit
    Teu puguh urang nya nyusul
    Geus hayangeun nyusu orok

  3. Nu nyusul pating arasruk
    Saban nu bala diasruk
    Turun gunung unggah pasir
    Dikoréhan saban dungus
    Ti pasir mapay ka legok

  4. Geus lami henteu katimu
    Kumaha atuh urang téh atuh
    Pili genti anu ngais
    Tuluy leumpang ngétan ngidul
    Nu disusul mah ka kulon

  5. Tunda anu nyusul
    Kocap nyi putri anu kabur
    Kawantu nu lumpat burit
    Jeung getih can saat ngucur