Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Néangan juragan Naya
    Disingkab sakur nu buni

  1. Ari ti beurang néangan
    Ari geus burit muru-muru kana kai
    Kolong Canir asup
    Tapakur maca istigfar
    Neda-neda ka gusti nu Maha Luhur
    Agan sing kasalametan
    Rawuh ieu murangkalih

  2. Teu nyusu mugi kuat
    Masing langsar asép ulah rék berewit
    Orok téh bari dicium
    Kitu pikir badéga dua
    Henteu géséh pikiranana lalucu
    Dihao-hao harita
    Murangkalih geus bisa seuri

  3. Deuleu euy itu si ujang
    Ayeuna mah nu kasep geus bisa seuri
    Ku Naya Genggong dicium
    Nepak ki Ardanaya
    Eta ulah diciuman teuing kitu
    Sok tuturiheun orok mah
    Mingkeun baé da keur ulin