Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Deuleu itu ngecrokan tangan
    Euh kumaha acép teu boga cau sasiki
    Beureum sotéh lain cau
    Mun pék beurang heula atuh
    Teureuy sawaréh kadinya
    Da urang gé geuning eunggeus hayang nyatu
    Deungeuna mah itu loba
    Pucuk kondang pucuk bening

  2. Tuluy pada dadaharan
    Nu duaandina sahandapeun kai
    Muka sangu enggeus tuhur
    Dibaraheuman aron
    Wantu eunggeus heubeul lampah anu ngasruk
    Weléh baé teu kapendak
    Geus dahar arindit deui

  3. Ti dinya teras deui ka sampalan
    Tuluy baé mapay lebak unggah pasir
    Rét ka kidul ninggal saung
    Pok ngomong Ardanaya
    Itu enya geura kawas-kawas saung
    Ki Naya Genggong némbalan
    Enya ka saung sidik

  4. Tuluy pada leumpang gancang
    Enggeus deukeut Ardanaya ngomong deui
    Adi urang enggeus ripuh
    Tapi ké datang ka dinya