Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Pakumaha Nini jeung Aki
    Carék Aki hadé éta budak
    Ku urang téh dimumulé
    Tapi mudu daék ngasuh
    Sok bikeun cau téh Nini
    Saha Agus nya jenengan
    Wantu anyar tepung
    Bisi piteunah ka Paman
    Eta kitu sabab tukeur euweuh saksi
    Mudu asuh ku sampéan

  2. Eujeung Agus timana nya bumi
    Ardanaya noél ka baturna
    Pok walon Ki Naya Génggong
    Asal mah kuring téh jauh
    Lembur ti Nagari Majesi
    Ari dipariksa ngaran
    Ka kuring nu nyebut
    Naya Génggong ka kaula
    Ari ieu ngaran nu saurang deui
    Kang pangantén Ardanaya