Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Eta kitu ngaran kula Bibi
    Bét ayeuna piwarang ngasuh budak
    Piker kaula tadi gé
    Néangan Agan teu timu
    Kaula rék kula-kuli
    Sabab bekel enggeus beak
    Matak rék buburuh
    Ayeuna Paman kaula
    Dirawatan kaula dititah cicing
    Sarawuh Kakang Ardanaya

  2. Mangga éta Bibi éta murangkalih
    Geura rawatan ku Bibi mandian
    Sugan pangaruhan geus gedé
    Omong Naya Genggong kitu
    Dipangku ku Nini Tamli
    Murangkalih dimandian
    Cahyana ngagebur
    Naya Genggong
    Suka bungah puguh deui Nini Tamli
    Jeung Aki geus pada giat