Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


  1. Pihatur mursada nuhun
    Bari nampanan paparin
    Enggal murangkalih dangdan
    Leuwih kasép taya tanding
    Medal cahaya lir bulan
    Jeung Nabi ngandika deui

  2. Ayeuna téh Asép Enung
    Eyang kasép pépéling
    Mangké téh kudu tatapa
    Tapa sajeroning mincing
    Ari eupana ku Domba
    Lobana pat puluh siki

  3. wasiat éyang sakitu
    poma Asep ulah lali
    ayeuna asep ku Éyang
    dianteurkeun ka Ambu Tamli
    sabab Asep asal tinya
    kitu saur Nabi Hidir