Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Jaka mursada ngawangsul
    Nun Éyang sumangga ngiring
    Seug deui Nabi ngandika
    Pék peureum ulah ningali
    Asep dikaléng ku Eyang
    Ulah érék samar piker


XII. Pupuh Asmarandana


  1. Kitu wuruk Nabi Hidir
    Seug peureum Jaka Mursada
    Ku Nabi Hidir dikaléng
    Kersana sakedet netra
    Ka Nini Tamli geus dongkap
    Aki Tamli keur ngariung
    Naya Genggong Ardanaya

  2. Keur dalahar Aki Tamli
    Nini Tamli ngaladénan
    Daharna ditunda baé
    Nabi Hidir seug ngandika