Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Ari geus putus ngeupanan
    Tuluy dibalangkeun deui
    Disanggo ku lauk sakétap
    Domba téh tinggal sahiji
    Nu hiji dikait deui
    Dibalangkeun kop disanggut
    Diteunggeul badéga seunggal
    Ku Radén Jaka ditarik
    Lauk bedas narik deui bedas

  2. Geus moro gendek nu Dua
    Sumangga Agan jeung kuring
    Kagusur gandék nu dua
    Méh rék ngajebur ka cai
    Ku Radén digeuwat deui
    Keun Paman kaditu mundur
    Ti dinya Jaka Mursada
    Ningkil nojér kana keusik
    Bari nyaur nyeblok baé sing jero heulana Paman