Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Geus nyeblok Radén Mursada
    Paman geuwat ménta Munding
    Ka eni geuwat sing gancang
    Haturkeun ka Ama Aki
    Nguseup téh kudu ditarik
    Ku munding keur melak lauk
    Tapi kabéh baé bawa
    Éta Munding opat rakit
    Ardanaya Naya Genggong lalumpatan

  2. Ka lembur gancang geus datang
    Ditanya ku Aki Tamli
    Na kunaon lalumpatan
    Mana Asép bét teu mulih
    Badéga ngahégak lahir
    Puguh eukeur narik lauk
    Ayeuna keur padonco-donco
    Kaula rusuh téh balik
    Ménta Munding keur narik lauk téh beunang