Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Kitu omong gandék dua
    Suka ati Aki Tamli
    Émoprok barina jeung surak
    Lakadalah bagja teuing
    Geuwat Agus bawa Munding
    Asép palangsiang kagusur
    Kabawa iwak sagara
    Kitu carék Aki Tamli
    Carék Nini atuh buru-buru geuwat

  2. Sagedé naon laukna
    Hayang geura nénjo Bibi
    Jeung érék cawis sambara
    Érék ngapeun baé Bibi
    Kitu omong Nini Tamli
    Ki Naya Genggong ngawangsul
    Enya Bibi sing sadia
    Ngala daun pikeun mais
    Ari Paman sing loba nyieun panggangan