Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/172

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
163
 
  1. Manah nyongsrong hoyong enggal panggih, ka ibuna geus hoyong, patepang, mani geus katingal bae, raden ngaos ashadu, alabalaha ilalah, bet naha kapati-pati, raden calik emut tumaros, raja Centaka, na kunaon, rayi anu mawi nagis, akang teh reuwas pisan.
  2. Walon raden ku nalangsa rayi, naha emut ka rahayat kakang, katingal waktos bareto, ti watir sakalangkung, kitu anu mawi nagis, rasiahna teu dipedar, yasa ngandung semu, naros deui Den Lalanaa, kinten di Lokagiwa nagri, sabaraha deui lamina.
  3. Bade pesta ngarendengkeun putri, milama nu lajeng ngawalonan, parantos caket wartos, dikinten aya saminggu, moal lepat pesta pasti, ngahuleng raden Lalana, ku hoyong gera jug, nongton anu bade pesta, meureun resep, ramena kaliwat saking, anu anom bingbang manah.

    Hatur punten ka sadaya ka nu sepuh ka nu anom, sakur nu ngaos kana ieu wawacan bilih aya kalepatanana nyuhunkeun dihampura oge.