Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/171

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
162
 
  1. Namina denawa denewi, pami raka boyong aruninga, mangga urang saur bae, lajeng raden nepak cupu, nyaur denawa denewi, torojol buta nu dua, di latar narangtung, gedena kabina-bina, moal asup mun lebet ka sri manganti, nu ningal ka sarima.
  2. Prameswari ratu sareng patih, tinkaleper ngahodhod, reujeung ngesang, kasima mani ngadegdeg ratu nyaur semu paur, aduh ampun engal rayi, kakang teu kiat ningalna, simpen deui atuh denawa denewi musna, asup deui, kana cupu anu tadi, nu ningal kantun reuwas.
  3. Ratu nyaur lebeting pangalih estu nyata raden teh digjaya, impenan teh geuning yaktos, baladna oge kaget kitu, matak gila nu ningali, meureunan buta siluman, datangna jeung suwung, mani teu katingal pisan, na di mana, cicingna eta raksesi, kitu manah sang raja .
  4. Milamanu nyaur langkung manis, sawadina piunjuk pun kakang, ayeuna lokagiwa teh, waktos bage gaduh mantu, baris pesta rame leuwih, ngarendengkeun putra, sekarningsih Ayu, ka putra ratu Campala, nu wasta Raden Brahma, nu manis, satria gagah rongkah,
  5. Den Lalanaa ngagebeg panggalih, nguping saur sang ratu Cempala, bubuhan ramana tulen, harita emut ka ibu, manah nganggres Jajeng nangis, satria medal cisoca, banget kalbu ngungun jeung ibu hoyong patepang, kapiraray dina lebeting galih, nu sakitu nyaahna.
  6. Manah raden estu sedih kingkin, rusras seueur anu kamutan, ras emut ka papasten, ras emut ka ibu ngangluh, emut ka ramana sedih, asa nyapirakeun pisan, ka anjeuna estu, nangis bawaning nalangsa, geus kumejot, hoyong enggal deui panggih, ayeuna rek kumaha.
  7. Kangjeng rama harianeun, teuing, nu dienod wungkul kakang Brahma, manah raden mani ranyod, nahan napsu bati lesu, hoyong gurudug nepungan, ibuna kokolebatan, nyeri nyuksruk sungsum, aduhibu ieu putra naha ibu, henteu imut ka sim abdi, Den Lalana lumenyap.