Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
161
 
  1. Lajeng nyaur ka raja jeung patih, mangga gusti ayeuna mah gugaah, barang bray beunta teh kaget, ningal cahaya nu mancur, raja ragrag tina korsi, sareng patih kapiuhan, dihandap ngudupung, tina serab sareng reuwas, tampi raos, kalangkung banget kaisin, tilas ngahina basa.
  2. Barang emut patih raja nangis, diluuhan ku Jayalalana, raden putra nyaur alon, eta kakang ulah kitu, naha kawas murangkalih, anggur mah urang barempug, nyarios nu estu anu janten kasesahan, mangga daar, rayi ayeuna rek nguping, patih raja munjungan.
  3. Aduh gusti na kacida teuing, ka abdi teh na malsu kacida,a rumaos abdi mah bodo, nyanggakeun badan sakujur, tilas abdi kumawani, kumawerat kumalancang, nyanggakeun bebendu, nyaur alon den Lalana, pasal eta, kakang ulah sumpeg galih, pun rayi sawangsulna.
  4. Kedah malum wirah kumawani, ka salira kakang ngaheur-eu-yan, rayi rumaos lulucon, urang sami adu malum, raja patih bingah galih, lajeng linggih satata, na korsi ngariung, sukan-sukan barang tuang, raja putri ningal kaget nya panggalih, enggal bae nya munjungan.
  5. Gusti ulah bendu nya panggalih, tilas lancang kumawantun nitah, walon raden teu sawios, ulah janten rengat kalbu, sawangsulna tuang rayi, mugi dihapunten pisan, sang centaka imut, sadaya baringah manah, raden putra, nyaur semu manis, rayi pasihan terang.
  6. Naon kawit margi dinagri, kakirangan sepi kadaharan, ratu centaka ngawalon, kieu kawitna kapungkur, eta Lokagiwa nagri, sayaktosna tatalukan, barang ama pupus, aneh bet hayang malikan, ka Centakan, ayeuna hayang ngalindih, sasat menta nagara.
  7. Den Lalana nyaur semu lirih, ayeuna mah raka tong salempang, rayi nu sanggern sayaktos, anu baris motong hulu, raja Lokagiwa julig, ayeuna panenna beak ku urang diakut, eta rayi nu nitahna, mating munding, kuda domba sareng sapi, miwarang panakawan.