Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
160
 
  1. Lajeng bae ngalahir ka raden patya, boa-boa emang patih, urang teh kalinglap, kapungkur aya impenan, nu nulung eta pinasti, raja satria, nu kasep sareng manis.

Pupuh Dangdanggula

  1. Mangga manah ku patih sing lantip, totondena hulu buta dua, kapungkur geuning tos yaktos, nu ragrag ka alun-alun,tur katiir ku jamparing, ayeuna nu datang te, Jamburaya cunduk, meureu eta susurupan, mangga manah, sanggeus Jamburaya cicing, loba nya kadaharan.
  2. Walon patih boa yaktos gusti, ayeunaa parios nu enya, bilih urang kabobodo, matak isin sakalangkung, keur bodo katambih-tambih, kumaha upamaa enya, urang teh kapalsu, wirangna kabina-bina, mangsa aloh, kumaha akalna gusti, bongan ku anjeunna.
  3. Ayeuna mah sae sauir gusti, Jamburaya pariksa nu enya, atuh itu geuning keur sare, lajeng ku raja disaur, cik atuh saur mangpatih, etaa siJamburaya, ku patih disaur, ka dieu ki Jamburaya, kudu marek, maneh ayeuna ka gusti, enggalna ngadeuheusan.
  4. Kanjeng gusti ngadawuhan manis, Jamburaya kaula rek nanya kudu jawab anu yaktos, ulah rek sumput salindung, kaula bareto ngimpi, baris aya nu nulungan, satria pinunjul, prabu anom ti Tunjungbang, nu nulungan kana kasusah geus pasti, boa mah anjeunna.
  5. Jamburaya cedok nyembah tadim, lepat pisan abdi mah gamparan, abdi mah jalmi bodo, namung terang ratu Tunjung, satria kalangkung sakti, malahan meueusan, di jaman kapungkur, saur sang raja Centaka, sukur pisan pek teang, jeung emang patih, pek tuduhkeun ayana.
  6. Jamburaya lajeng nyaur deui, hoyong pendak kepadah peureum heula, engke katingal kulan, lebet impenan kulanun, raja peureum areng patih, harita teh Jamburaya, ngagedog sakujur, leungit rupa Jamburaya, timbul raden nu kasep Jaya Raspati, parabu anom Tunjungbang.