Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
159
 
  1. Ku denawa eta balad dibuburak, tingkoceak ting jalerit, buta dua suka, ningal balad lalumpatan, denawa denewi singkil, newakan domba, kuda munding sareng api.
  2. Diringkusan ditanggung ku eta buta, mawa koja ki denewi, jimat nu baheula, ratus-ratus nu asupna, geus kitu mah tuluy balik, harita datang ka alun-alun geus nepi.
  3. Pada kaget di alun-alun sadaya, disarada kuda munding unjukan ka raja, kieu saurna den patya, ayeuna mangga tinggal, munding jeung domba, pinuh alun-alun heurin.
  4. Barang nguping sang ratu gogodeg heran, na kumaha emang patih, kula kaget pisan, saha atuh nu mawana, kaula mah henteu ngarti, jawab den patya, abdi oge hemeng galih.
  5. Lajeng jengkar sang raja ti padaleman, diiring ku raden patih, malah Jamburaya, dicandak ku kangjeng raja, teu lami parantos sumping, harenag manah, ngahuleng heran jeng gusti.
  6. Saongjongan kangjeng ratu teu ngandika, mang patih kumaha pesta, naha dibagikeun deui, kula teh susah, ieu buburak sina nyingkir.
  7. Jamburaya lajeng unjukan, ka raja, saaena mah kangjeng gusti ieu sadayana, bagikeun deui ka balad, anggur sina diparcuncit, lebar temenan, icu mah kapan rejeki.
  8. Aya sangu tangtos kedah jeung laukna, milamanu nyentak bengis, sia Jamburaya, ngan muru bae gampangna, bahlana henteu dipikir, matak cilaka, Jamburayaa nyembah seuri.
  9. Ulah mangmang gamparan, ke diahirna, paduna kumaha abdi, najan jeung rajana, abdi nu sanggup ngawalan, mung perang abdi mah alim, kuma gamaran abdi mah sieun dipeuncit.
  10. Saur raja tugenah pikiran sia, aing oge atuh wani, ari ngawalan omong mah, aringis soteh mun perang, Jamburaya seuri nyengir, ari gamapran, aya ratu sieun mati.
  11. Prantos kitu harita lajeng marulang, ka lebet enggal sarumping, ratu ngamanahan, ku bawaning sanget heran, ngagebeg lebeting panggalih, duh palangsiang, Jamburaya nu keur nyangling.