Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
158
 
  1. Mani ear kolot budak disarada, ngaguruh anu saleuri catur raja mulang, ti alun-alun tiluan, Jamburaya anu ngiring, sareng den patya catur denawa denewi.
  2. Harita teh ngadeuheus ka den Lalana, nu sanes hanteu ningali, kieu aya sauma, gusti pare atos beak, di Lokagiwa geus bersih, hatur uninga, naon deui tugas abdi.
  3. Saur raden maneh teh kapalang bala, lamun pare anggeus ledis, naon bae bawa, jagong ampeu, hui, kacang, kuda, rounding reujeung sapi, ku maneh bawa, henam maneh balad deui.
  4. Kacaturkeun di Lokagiw nagara, sami gujrud abdi-abdi, nguningakeun ka raja, kulanun gusti ayeuna, abdi kaget liwat saking bet aya buta ngaranjah pare beresih.
  5. Unggla dinten darongkapna teh ka sawah, ratu nguping kaget galih, patih teu mariksa, buru-buru eta jaga, sing sadia tumbak, bedil ku kabeh bala, podaran bae sakali.
  6. Raden patih mepek balad geus sadia, semu ambek liwat saking, adat barangasan, gede ambek kacida, kami raden barahgeni, teu kocap pisan gancang nyabok jeung nampiling.
  7. Harita teh geus budal dek rnegat buta diringkeun ku raden patih, nyarumput di sawah, balad teh ngaguruh surak, raden patih lanjang-linjing, ambek ka buta, hayang geura gok papanggih.
  8. Kacaturkeun bapa mating enggeus datang, ka Lokagiwa nagri, balad geus iatna, sumawona raden patya, bedil dipasang ngabaris ku balad-balad, patih matek pedang tamsir.
  9. Patih nyaur geura awaskeun ku sia, tab eta si buta jurig, dewek dicacag, mun tacan beulah huluna, tacan nyaho ambek aing, ku sia tanggap, ku aing buta disiksik.
  10. Buta dua geus datang ka tengah sawah, ku balad tembong ngadingding, nu tadi diajam, geus beh mah pada lalumpatan, sima mamagpengkeun bedil, ka tengah sawah, raden patih oge ngacir.
  11. Lumpatna teh cilaka meneran ranca, bres ti teuleum ngajumpalit, euleugeug beuheungna, roroesan dina ranca, taya nulung sahiji, jebeng lambeyna, rambisak diajar ceurik.