Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

157

  1. Dibarung jeung suka ati, nyangka na mah anu daagang, pasedek-pasedek anu nongton, sawareh mah ting karetap, uruy ku pare tea, menak-menk sami gugup, ka alun-alun ngalayad.
  2. Seueur pare kangjeng gusti, ratu heran lajeng jengkar, milu Jamburaya oge, diiringkeun ku den patya kersa bade ngalayad, ka alun-alun geus cunduk ngawingking pare katingal.
  3. Tumpukan teh luhur deui, pare ngalayah ka jalan, gogodeg sang ratu anom hemeng galih seug ngandika, mang patih kuma peta, matak bingung sakalangkung, na ieu pare nu saba.
  4. Ari rek dibagi-bagi, ayeuna ka balad-balad, kula bingung dina hate, sababnaa tacan karuhan, ieu pare tacan sah, saur patib enya kitu, mundur maju hate emang.

Pupuh Durma

  1. Lajeng nyembah Jamburaya panakawan, duh gusti piunjuk abdi, Aloh sipat murah, rohma mah kangge manusa, rohim sipat anu gusti kitu gamparan anging kersa Yang Widi.
  2. Ayeuna mah pare ku gamparan bagikeun ka abdi-abdi, bawatos kacida, supados aya tanaga, mun teu kitu matak watir, pami dikisat, mun perang tangtu balai.
  3. Kakupingna ku raja rada kamanah, lajeng barempag jeung patih, paman patib kumaba, prakiraan Jamburaya patih ngajawab, abdi mah ngiringan gusti.
  4. Geus ditakol bende, nitir di paseban, burudul sadaya jalmi, nu leumpang ngarandang, aya nu oray-orayan, ka alun-alun geus nepi, patih pek ayeuna keneh jami.
  5. Sadayana empek bae mararawa, tab pare paparin gusti, cekcok jalma-jalma, sakuat-sakuatna mawa, nu ngagusur nu ngajingjing, bari sarurak gujrud awewe lalaki.
  6. Geus dakdikdug nutu rame kacida di lisung geus heurin usik beas dibaheumna ku tina kaliwat lapar, anu ngabubur anu mais, ngejo ngalempah, cenghar deui jalmi-jalmi.