Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

156

1180. Ningal jalmi matak watir, gawena wungkul maroyan, di buruan ting galoler, tinggaresoy kantun tulang, sawaarehna ngajaropak, laleus teu kuat nangtung, den putra watireun pisan.

1181. Lajeng nyandak cupu manik, torojol buta kaluar, denawa denewi tembong, sami naros ka dunungan, duh aya naon agan, numawi nyaur rusuh, prabu anom seug ngandika.

1182. Maneh denawa denewi geura indit geuwat-geuwat, ulah henteu saban poe, jugjug nagri Lokagiwa, ayeuna di dieu jalma, sakabeh pada ngaruyung, tina euweuh kadaharna.

1183. Maneh kudu tujuh balik, sapoena ulah salah, kudu maralaingan pare, ka nagara Lokagiwa, ayeuna keur dibuat, pek teundeun di alun-alun, jeung maneh ulah katara.

1184. Ulah katembong ku jalmi, nam ayeuna geura mangkat, denawa denewi leos, Raden Jamburaya mulang, jol ka latar paseban, sang ratu lajeng ngaadawuh, manggih naon Jamburaya.

1185. Jamburayaa nembal ajrih, aduh gusti kitu kutan, ku maha rakyat sakabeh, ripuheun kabina-bina, kumargi henteu dahar, pami abdi gusti gaduh, dikersakeun gagaha rongkah.

1186. Tinangtos kabedah nagri, ngabelaan rerencangan, ku tina matak hawatos, ratu geus waspada manah, sarehna disindiran, ngariut halisna kerung, mesem nguping Jamburaya.

1187. Kocap denawa denewi, langkung gancang di jalannaa, lampahna teu kacarios, ka Lokagiwa geus dongkap, karaget jalma-jalma, nu di sawah sami kabur, nu di buat jejeritan.

1188. Denawa denewi singkil, tengah sawah cikih cikah, pada nyaralayan pare, ku awi tali rancatan, lobana kabina-bina, hiji buta tilu ratus, geus diakut pare tea.

1190. Kacentakapura nepi di jalanna gancang pisan, tapi ta ya anu nyaho, sasatna teu tembong pisan, ku urang Centaka mah, ngana tembong parena numpuk, di alun-alun geus banyak.

1191. Kitu bae bulak-balik tujuh kali sapoena, buta teh ngakautan pare, di alun-alun ngalayah, geus pinuh ka mana-mana, galujrud mani ngaliud, jalmi-jalmi sami heran.