Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

155

1169. Gancangna anu ditulis, Jamburaya geus ngabujang, di paseban kulem na teh, dipernahkeun ku sang raja, ngajag parabot kareta, bubujangna siga suhud, kumawulana ka raja.

1170. Subuh-subuh enggeus tangi, teras sasapu di latar, beresih langkung bareres, geus rada beurnag meueusan, nyiraman kekembangan, ngaremploh kembang aralus, meja korsi dielapan.

1171. 1.ampu lumur bareresih, ratu pramaswari gugha, euleuh eneng eta jalma, nu kamari bubujang, hideungna kaliwat langkung, bet nyaho tata di menak.

1172. Sing emang sasaur sing gasik, geroan si Jamburaya, ku kakang rek diperesen seug disaur ku pawarnag, Jamburaya sia geuwat, ka dieu sing buru-buru, disaru ku kangjeng raja.

1173. Jamburaya lumpat gaasik, ngadeuheusan ka sang raja, ku ratu seug diperesen, dipaparin raksukan, aing mere Jamburaya, kop keur maneh tah haju, Jamburaya cedok nyembah.

1174. Nampina bari ngadegdeg, pek geura pake ku sia, walonna henteu werat, abdi mah saumur, nembean mendak ayeuna.

1175. Raksukan teh sae teuing, moat dianggo ayeuna, rek didamel jimat bae, saur ratu pake siah, keur digawe lumayan, eta ganti bajau butut, keun bae eta lebat mah.

1176. Engke ge dibere deui, cik ka ditu ayeuna mah, Jamburaya nyembah leos, enggeus asup ka kamarna, gumujeng dina manah, kira lamina saminggu, Jamburaya ngabujangna. 1177. Lajeng ngadeuheus ka gusti, cong nyembah bari unjukan, saur raja aya naon, matak nagdeuheus ka urang, Jamburaya cong nyembah, kaulanun kangjeng ratu, manawi widi gamparan.

1178. Hoyong terang sisi nagri, abdi can terang dipasar, sumawona toko-toko, eta teh siga ku maha, saur ratu percumah, taya nu dagang jeung warung, keur naon make ka pasar.

1179. Jamburaya nyaur deui, sanes rek nyiar dagangan, hoyong terang bae yaktos, dawuhan raja pek henam, bade tapi tong lila, Jamburaya lajeng mundur, ka kampung ider-ideran.